Beurat kacida jadi hiji indung di jaman kiwari.

Beurat kacida jadi hiji indung di jaman kiwari. Loba pisan gogodana pikeun sabar teh. Ngaping budak loba karempan, sok sieun kabawa sakaba-kaba. Geus puguh tina pangaruh loba teuing nongton tipi mah. Tapi nu pangpaurna mah nyaeta tina gaul sapopoe jeung babaturannana. Kumaha mun jeung babaturanna teh indit ka internet tuluy muka-muka situs anu….iyy, kuduna mah ulah waka nyaho. Atawa jeung babaturanna maen PS nepikeun ka poho kana waktu. Ditambah deui biasana mah ngomongna ge jadi leuwih kasar. Tuluy kadang-kadang jadi leuwih nurut ka babaturan daripada ka indung bapana. Kuring hiji indung di jaman kiwari. Kuduna sabar ngaladenan tingkah paripolah nu jadi anak. Tapi teuing kunaon, kuring mah kurang sabar. Mun budak rada ngaleyed,sok hayang we geura ngajiwir ceulina , atawa nyarekan. Tapi lamun peuting nempo budak sare, teu karasa cimata sok rembes. Hanjakaaal…pisan tadi geus ngajiwir, da sabenerna mah nyaah pisan ka nu jadi anak teh. Ehm…nyeta atuh , jadi serba salah. Diantep salah, dijiwir jadi hanjakal enggeusna. Matak ceuk kuring ge, hese jadi hiji indung jaman kiwari mah.

Published in: on September 27, 2008 at 6:34 am Leave a Comment

The URI to TrackBack this entry is: http://nananwahyuni.wordpress.com/2008/09/27/beurat-kacida-jadi-hiji-indung-di-jaman-kiwari/trackback/

RSS feed for comments on this post.

Leave a Comment