Aparat pamarentah nu hade mah kudu handap asor, nyaah ka rahayat jeung wijaksana. Kudu dipahing sipat asa aing jeung boga sipat legeg hayang diladenan ku rahayat. Malah sabalikna, pagawe negri mah kudu babakti jeung ngaladenan rahayat. Salahsahiji carana nyaeta ku silaturahmi. Tetela geuning rahayat teh leuwih resep lamun aparatna mindeng nganjang, ngadeukeutan maranehana, anjang sono sacara informal, utamana silaturahmi ka pilemburan. Rahayat bisa nepikeun kahayangna, sabalikna aparat bisa nganyahokeun naon nu dibutuhkeun ku rahayat. Lamun aya kasinambungan model kitu, geus moal salah, kahirupan rahayat di nagara urang bakal leuwih maju. Antara rahayat jeung aparat bisa babarengan ngamajukeun kahirupannana.
Jadi pagawe pamarentah kudu handap asor
The URI to TrackBack this entry is: http://nananwahyuni.wordpress.com/2008/09/27/jadi-pagawe-pamarentah-kudu-handap-asor/trackback/